Kamis, 04 Juli 2013

Ucapan Lebaran Bahasa Sunda

[1] Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.

[2] Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nusampurna, dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

[3] Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1434 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

[4] Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri..... wilujeng boboran shiam 1434 H. Hapunten samudaya kalepatan.

[5] ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1434 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

[6] Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1434 H.

[7] Bilih aya langkung saur bahe carek, Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura, Wilujeung boboran shiam 1434 H

[8] Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah, Wilujeng boboran shiam 1434H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

[9] Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeuri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi, Wilujeng boboran shiam 1434 H. Taqobalallahu minaa waminkum.

[10] Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan,
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating, BBMan jeung SMSan
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
Wilujeng Boboran Syiam 1434 H

[11] Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari, Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1434 H

[12] Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1434 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

[13] Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diseja, mugi agung cukup lumur, neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam

[14] Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam

[15] Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun

[16] Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1434 H

[17] Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nu antukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

[18] Neda nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1434 H.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar